Warta Basa Sunda
Warta nyaeta beja atawa informasi ngeunaan hiji kajadian anu bener-bener kajadian atawa aktual. Data anu ditepikeun atawa dilaporkeun dina hiji warta dumasar kana data anu bener atawa valid jeung asli. Salian ti eta, tempat jeung waktu anu diwartakeun atawa dibejakeun oge jelas, basa anu digunakeun ngagunakeun basa anu kaharti, sarta eusi anu aya dina warta sipatna objektif.
Dina nulis hiji warta, aya padoman atawa panduan anu gampil, saderhana jeung geus dipikawanoh ku balarea, khususna ku wartawan atawa jurnalis, nyaeta anu disebut rumusan 5W+1H. Sacara singget, anu dimaksud rumusan 5W+1H teh netelakeun yen hiji warta bisa dianggap eusina cukup lengkep umpama miboga unsur-unsur anu aya dina 5W+1H, nyaeta unsur-unsur what, who, when, where, why jeung how.
Warta teh hartina beja, informasi atawa bewara. Jadi anu dimaksud ku nepikeun warta teh sabenerna mah nyaeta nepikeun beja. Kecap warta teh asalna tina basa Sansekerta anu ngabogaan harti beja. Kusabab warta teh hartina beja, tangtu ciri-ciri anu utama tina beja nyaeta beja teh kudu beja anu bener-bener kajadian, jadi lain beja bohong. Geuning ayeuna mah keur rame ku istilah hoax, hoax nyaeta beja anu bohong.
Jadi Warta Basa Sunda tina warta nyaeta yen warta teh mangrupakeun beja ngeunaan kajadian anu bener-bener aktual. Sacara lengkep, ciri-ciri tina hiji warta nyaeta warta teh mangrupakeun kajadian anu bener atawa aktual, data anu dilaporkeun dumasar kana data anu asli, valid atawa bener, waktu jeung tempat anu diwartakeun atawa dibejakeun jelas, basa anu digunakeun ngagunakeun basa anu kaharti, eusi warta sipatna objektif.
Dina nulis warta basa Sunda, aya hal anu kudu diperhatikeun, nyaeta ngeunaan ragam basa anu digunakeun. Dina basa Sunda aya dua ragam basa, nyaeta anu disebut Ragam Basa Hormat / Lemes jeung Ragam Basa Loma. Dina nulis warta Sunda, bisa digunakeun Ragam Basa Hormat atawa Ragam Basa Loma, anu penting mah dina ngagunakeun ragam basa kudu konsisten.
Di handap ieu dijentrekeun naon anu dimaksud straight news, depth news, soft news, feature jeung reportase teh:
Straight news nyaeta warta anu ditepikeun dumasar kana kajadian anu sabenerna henteu ditambahan atawa dikurangan, anu ngagunakeun basa anu lugas. Ieu warta sok disebut oge warta langsung
Depth news nyaeta warta anu ditepikeun dumasar kana kajadian anu sabenerna sarta ditambahan ku informasi faktual sejenna anu aya patalina jeung eta kajadian
Soft news nyaeta warta hampang anu ditepikeun dumasar kana kajadian anu sabenerna tapi anu dipentingkeun teh nyaeta leuwih tina sisi kamanusaan nyaeta saperti ngajak mikir, ngarasa atawa empati kana eta kajadian
Feature nyaeta warta anu ditepikeun dumasar kana kajadian anu sabenerna tapi dilengkepan ku kasang tukang eta kajadian sarta ditepikeun ku ngagunakeun gaya basa anu matak nimbulkeun rupa-rupa rasa pikeun anu narima eta warta, saperti rasa gumbira, sedih atawa oge humor
Reportase nyaeta warta anu ditepikeun dumasar kana kajadian anu sabenerna sarta ditambahan hasil panalungtikan atawa pengamat jeung suber tinulis anu jelas sangkan anu narima warta ngarasa sugema kana eta data anu lengkep.

Komentar
Posting Komentar