Contoh Naskah Drama Basa Sunda
Drama Sunda
OBOR PARAHYANGAN
Karya/Sutradara: Erwin Tejasomantri, S.Pd.
Salah sahiji televisi swasta
kasohor, nyaeta Jawara TV, nyiarkeun rupa-rupa berita. Ieu beritana.
Adegan 1
Berita Banjir
Pembaca Berita 1 & 2
Assalamualaikum Warahmatullahi
Wabarakatuh.
Pembaca Berita 1
Wilujeng siang pamiarsa,
wilujeng patepang lawung paamprok jonghok dina bewara basa sunda Jawara TV,
dinten ayeuna, tangtosna sareng simkuring Neneng Jamilah.
Pembaca Berita 2
Sareng simkuring Dewi Shinta.
Simkuring parantos nyiapkeun bewara-bewara akurat jeung aktual pikeun urang
sunda, sapertos perkawis banjir, demam berdarah, kriminal, olah-raga, sareng
bewara pilkada. Kanggo bubuka, pamiarsa, ieu bewarana.
Pembaca Berita 1
Pamiarsa, hujan gede
dibarengan angin ribut jeung dor-dar gelap nu teu euereun ngabalukarkeun banjir
dimana-mana. Desa cimeong, kacamatan Rajasinga, kabupaten Indraprahasta nu
biasana tara banjir, ayeunamah kabanjiran. Akibat banjir ieu rebuan warga
Cimeong kapaksa ngungsi ka desa sejen nu sarua kabanjiran. Pamiarsa, urang
sambungkeun wae sareng Reporter urang, saderek Kinanti Asmarandhana, di lokasi
banjir Desa Cimeong.
Reporter 1
Pamiarsa, simkuring Kinanti
Asmarandhana ayeuna nuju di Desa Cimeong, salah sahiji lokasi nu kabanjiran.
Biasana mah desa ieu teh tara kabanjiran. Ceuk katerangan sababaraha warga,
banjir ieu teh akibat rea tangkal nudituaran, pikeun dijieun suluh akibat harga
BBM anu marahal. Akibat banjir ieu rebuan warga kaleungitan sawah, kebon, imah,
harta banda sejena, jeung kapaksa ngarungsi ka desa tatangga nu sarua
kabanjiran oge.
Warga 1
Banjir..., banjir..., banjir…,
banjir… (Lulumpatan bari nakolan kohkol).
Warga 2
Hayu euy…, urang ngarungsi,
ngungsi…, ngungsi…! (Ngungsi bari mawa gembolan nudibungkus ku sarung).
Warga 3
Burukeun atuh! Batur mah geus
arindit, meni elat pisan. (Ngageroan pamajikanana bari mawa koper).
Warga 4
Ke heula atuh, tungguan! Koper
we dibabawa, ari pamajikan ditinggalkeun, bari jeung eusina mah baju butut.
(Nyusul salakina bari mawa guguling. Duanana silih tungtun)
Warga 5
(Ngungsi bari mawa hayam).
Warga 6
(Ngungsi bari mawa samak).
Reporter 1
Sakitu laporan simkuring, Kinanti
Asmarandhana ti lokasi banjir desa Cimeong, hatur nuhun.
Adegan 2
Berita Demam Berdarah
Pembaca Berita 1
Hatur nuhun pamiarsa, masih
dina Jawara TV, simkuring gagaduhan bewara demam berdarah. Pamiarsa, ieu
bewarana.
Pembaca Berita 2
Wabah demam berdarah beuki
nyebar kamana-mana. Rumah sakit, puskesmas, jeung klinik pengobatan ayeuna mah
pinuh ku pasien demam berdarah. Rea
pasien nu teu kasalametkeun akibat teu buru-buru dipariksa ka rumah sakit.
Pembaca Berita 1
Salah sahiji rumah sakit,
nyaeta Rumah Sakit Harapan Sehat kabanjiran pasien demam berdarah. Ieu bewarana.
Reporter 2
Pamiarsa, simkuring Enok
Camperenik nuju di Rumah Sakit Harapan Sehat. Salah sahiji pasien demam
berdarah, nyaeta Ujang Astrajingga nuju dipariksa ku dokter Yudistira,
dibantuan ku perawat, Juleha. Ujang
geus opat poe ngaringkuk di rumah sakit alatan demam berdarah. Samemeh ka rumah
sakit Ujang ngarasa demam, lalinu, murel, puyeng, jeung sajabana. Dina kulitna ngadadak kaluar bintik-bintik warna
beuruem. Untungna, ku kulawargana Ujang buru-buru dibawa ka rumah sakit.
Pasien
Kumaha, dokter, kuring bakal
salamet? Ieu awak nyareri pisan. Teu kuat, asa diseureud ku kamarang.
Dokter
Coba kaluarkeun letahna!
Lumayan ayeuna mah, rada mendingan, teu siga kamari, parah pisan. Untung dibawa
kadieu. Lamun henteu, moal katulungan. (Dokter mariksa letah pasien bari
disenteran. Terus mariksa panon, ceuli, beuheung, jeung anggota badan ne
sejenna).
Perawat
(Nyatet hasil pamariksaan
dokter).
Reporter 2
Sakitu laporan simkuring, Enok
Camperenik ti Rumah Sakit Harapan Sehat, hatur nuhun.
Adegan 3
Berita Kriminal
Pembaca Berita 1
Hatur nuhun pamiarsa, masih
dina Jawara TV, simkuring gagaduhan bewara kriminal. Pamiarsa, ieu bewarana.
Pembaca Berita 2
Bandar narkoba kelas kakap, nu
sering kaluar-asup penjara, nyaeta Mat Codet, dicerek ku polisi, tengah peuting
poe kamari, di imah kontrakanana, Jl. Halimun No. 202 Astina. Ieu bewarana.
Reporter 3
Pamiarsa, simkuring Ai Zaitun
ayeuna aya di Tempat Kejadian Perkara, Jl. Halimun No. 202 Astina. Mat Codet teh salah saurang
gembong narkoba nu geus lila diincer ku aparat kepolisian. Mat Codet geus
sering kaluar-asup penjara. Waktu rek ditewak ku polisi, Mat Codet nyobaan
kabur jeung ngalawan, kapaksa salah saurang polisi nembak sukuna. Di tempat
kejadian perkara, polisi manggihan ganja nu beuratna 5 kg.
Bandar Narkoba
(Lumpat, neang tempat
panyumputan).
Polisi 1
Montong nyumput siah!
Kapanggih ku kuring mah. (Ngundag bari ngacung-ngacung pestol).
Polisi 2
Awas! Lamun kabur ditembak ku
kami. Nyerah maneh! Hiji…, dua…, tilu…! (Polisi 2 nembak bitis Mat Codet. Mat
Codet nambru, teu bisa kabur deui, gagauran nahan kanyeuri. Pelor nepi kana
tulangna).
Bandar Narkoba
Ampun pa polisi…, ampun….,
kuring kapok, moal deu-deui… (Polisi 1 & 2 mawa Mat Codet ka kantor
polisi).
Reporter 3
Sakitu laporan simkuring, Ai
Zaitun ti tempat kejadian perkara, hatur nuhun.
Adegan 4
Iklan
Model Iklan 1
(Leumpang, meni percaya diri,
panggih jeung awewe).
Model Iklan 2
(Neutup lalaki meni anteb,
kasima, ngambeuan parfum nu dipake lalaki, terus utah).
Model Iklan 1
(Nyemprotan sakabeh awakna ku
parfum, terus leuleumpangan deui).
Model Iklan 2
(Panggih deui jeung lalaki
eta, terus bobogohan).
Model iklan 3
Aduh ieu sirah meni nyanyautan
kieu, teu kuat…, teu kuat nyeri…! Tah, untung aya obat ieu, naon merekna nya?
Euh…, Dagorin, obat neyeri sirah jeung nyeri huntu, mujarab, langsung
cageur. (Terus nginum obat Dagorin).
Adegan 5
Berita Olah Raga
Pembaca Berita 1
Hatur nuhun pamiarsa, masih
dina Jawara TV, simkuring gagaduhan bewara olah raga. Pamiarsa, ieu bewarana.
Pembaca Berita 2
Pertandingan tinju
internasional kelas bulu antara petinju nagara Amarta, Bima Puntadewa ngalawan
petinju nagara Astina, Dursasana diayakeun di Sasana Maju Mundur nagara Amarta.
Ieu bewarana.
Reporter 4
Pamiarsa, simkuring Ken Dedes ayeuna
aya di Sasana Tinju Maju Mundur nagara Amarta, tempat pertandingan tinju
internasional kelas bulu antara petinju nagara Amarta, Bima Puntadewa ngalawan
petinju nagara Astina, Dursasana. Dua petinju ieu sarua jagona, sarua kuatna,
sarua hebatna. Duanana pada-pada hayang jadi jawara dunya. Dina ronde katilu
ieu dua petinju teh garelut akibat emosi nu teu katahan. Wasit, Sangkuni, teu bisa misahkeun duanana. Malahan
katonjok ku petinju. Tungtungna wasit dibawa ka rumah sakit. Sakitu laporan simkuring, Ken Dedes ti Sasana Maju
Mundur nagara Amarta, hatur nuhun.
Adegan 6
Berita Pilkada
Pembaca Berita 1
Hatur nuhun pamiarsa, masih
dina Jawara TV, simkuring gagaduhan bewara pemilu legislatif. Pamiarsa, ieu
bewarana.
Pembaca Berita 2
Pemilihan Umum Legislatif,
ayeuna masih dina tahap kampanye. Salah saurang caleg, nyaeta Rahwana, ngayakeun
kampanye di alun-alun kota Astina, nu dihadiran ku rebuan warga jeung
simpatisan. Ieu beritana
Reporter 5
Pamiarsa, simkuring Citraresmi
ayeuna aya di alun-alun kota Astina, tempat lumangsungnya Kampanye Pemilihan Umum
Legislatif. Caleg Rahwana narik simpati rebuan warga dina kampanye ieu. Rahwana
anu didukung ku Partai Kurang Dahar ngajangjikeun pendidikan gratis, rumah
sakit gratis, jeung sagala rupa nu gratis.
Caleg
Para wargi sadayana, tong
hilap, pilih simkuring, Rahwana, Coblos atawa contreng nomer sapuluh. Lamun
kuring kapilih, Insya Alloh, pendidikan gratis, rumah sakit gratis, ojeg
gratis, kawin gratis, bobogohan gratis, pokona mah sagala rupa gratis. Kade, omat, tong hilap, pilih simkuring, Rahwana,
coblos atawa contreng nomer…sapuluh.
Warga 1, 2, 3, 4, 5 & 6
Hidup Rahwana! Hidup Rahwana!
Hidup Rahwana! (Keprok).
Caleg
Tah…ieu mah minangka uang kadeudeuh ti kami. Tong
hilap nya, pilih Rahwana (ngabagikeun amplop ka tiap warga, terus amplop
diawurkeun, warga parebut amplop).
Reporter 5
Sakitu laporan simkuring, Citraresmi
ti alun-alun kota Astina, hatur nuhun.
Adegan 7
Panutup
Pembaca Berita 1
Pamiarsa, sakitu bewara basa
sunda anu kapihatur ti Jawara TV.
Pembaca Berita 2
Tepang deui enjing, dina
program sareng jam anu sami ti Jawara TV. Wilujeng,
Pembaca
1 & 2
Assalamu’alaikum Warahmatullahi Wabarakatuh.
COPYRIGHT © 2009 ERWIN TJ
Telp. (0265) 790205 HP. 081322955900
www.erwintj.blogspot.com
www.erwintj.wordpress.com
E-mail: tejasomantri@yahoo.com
Komentar
Posting Komentar